Contoh 1 :
Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.Dina salah sahiji hadits diterangkeun...Inna dhofatu minal imanNu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci.
Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.
Assalamualaikum wr wb..
Bapak kepala sakola (....nama sekolah), sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi dipihormat, sareng rerencangan saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku simabdi pikadeudeuh.
Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina kayaan sehat walafiat. Amin
Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan lingkungan kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan pikeun diri urang sorangan.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun "Inna dhofatu minal iman" Nu hartosna, “Kabersihan teh sabagian tina Iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.
Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung. Bersih eta sadayana teh nu didasarkeun tina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.
Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen sampah papaduan, nyurat nyoret tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana.
Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina, lamun bersih tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero kelas. Ku kituna, urang kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah kudu ka tempatna.
Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.
Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih, ku cara sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina lingkungan sakola.
Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.
Contoh 3 :
Bismillahirrahmaanirrahiim...
Assalaamu 'alaikum warahmatullaahi wa barakaatuhu...
Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puja, puji sareng syukur ka dzat Ilahi Rabbi. Mantena parantos maparin urang sadayana ku ni'mat nu seueur, nu mana eta ni'mat teh moal ka etang seueurna ku urang.
Solawat rawuh salam, mugia tetep dilimpahkeun ka panutan alam, nyaeta Rasulullah Shallallahu Alaihi wa Sallam. Teu hilap oge ka kulawargina, ka sahabatna, ka tabiin na. Mudah-mudahan dugi ka urang sadayana.
Aamiin ya Rabbal Aalamiin...
Bapa miwah Ibu anu ku simkuring dipihormat...
Dina danget ieu, simkuring bade ngadugikeun sababaraha hiji perkara anu penting pisan, sareng aya kaitanna sareng perkawis kabersihan di lingkungan Bapa sareng Ibu, warga desa ...
Bapa sareng Ibu...
"Kabersihan teh sabagean tina iman".
Sapertos disebatkeun dina hadist anu unggelna: "Annadlofatu minal iimaan". Nu hartosna parantos disebatkeun tadi.
Upami ditingal tina "kacamata" Islam, kabersihan teh nyaeta sapalihna tina "kaimanan". Di tingal tina segi medis, kabersihan teh pangkalna kasehatan.
Janten, urang teh tiasa metik dua manfaat tina ngajagi kabersihan teh. Nu kahiji nyaeta tos nyumponan kana parentah Islam. Nu kadua na parantos ngajagi kana kasehatan urang sadayana.
Kumaha atuh carana supados lingkungan urang tiasa bersih?
Carana teh nyaeta kedah beberesih miceunan sampah. Tiasa ku cara masing-masing, atanapi tiasa oge ku gotong royong supados padamelanna teu karaos beurat.
Upami aya pertarosan kieu: "Pa, da desa abdi mah teu gaduh tempat pamiceunan sampah. Kedah kamana miceun sampahna?".
Ibu, Bapa sareng wargi sadayana.
Aya sababaraha cara nu tiasa dilakukeun kanggo ngelola sampah teh.
Nu kedah dipahami heula ku urang nyaeta rupi atanapi jenis sampah.
Sampah teh aya dua jenis, nyaeta: sampah organik sareng non-organik. Nu kalebet organik teh nyaeta sampah anu dihasilkeun tina sesa-sesa makhluk hirup sapertos cangkang cau, dadaunan, sareng sajabina. Upami sampah non-organik mah nyaeta salian ti nu disebatkeun tadi; sapertos plastik, tilas lampu, jeung sajabina ti eta.
Dua jenis sampah eta teh kedah dipisahkeun dina miceun na, supados tiasa diolah ku cara nu benten. Pami nu organik mah engke na tiasa dijantenkeun pupuk. Atuh pami nu non-organik na tiasa dijantenkeun kerajinan, atanapi tiasa diical ka pabrik pangolahan sampah plastik sapertos tina cangkang akua sareng nu sanesna.
Anu penting mah, sampah teh teu kenging dibuang ka solokan. Sareng teu sae upami ditamrukeun, ke mangsana hujan, sampah eta bakal ka eusian cai hujan, nu akhirna eta tiasa janten tempat berkembangna reungit atanapi nyamuk. Masih mending keneh upami reungit biasa. Cobi banyangkeun upami reungit demam berdarah? Pami kitu mah, urang tangtos bakal aya nu janten korban DBD.
Bapa sareng Ibu anu ku simkuring dipihormat.
Janten, kabersihan teh penting pisan dijagi ku urang sadayana.
Salian ti Endah katingalna; urang oge bakal terhindar tina panyakit upami lingkungan urang bersih.
Kumargi kitu; hayu urang sasarengan ngajagi lingkungan urang tetep bersih, kanggo ngawujudkeun lingkungan nu sehat.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun. Hatur nuhun kana perhatosanna.
Wassalamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuhu...
No comments:
Post a Comment